by Hayat S Hidayat
di dieu, na imah panggung
urang ngariung
cag kisobat lesotkeun momot hate nu bareurat
reureuhkeun awak, lempengkeun saurat-urat
di dieu na imah panggung
urang tembrakeun sagala kabingung
urang purak sagala kabungah
ebrehkeun kereteg hate nu ngagem rasa tugenah
di dieu na imah panggung
taya tulak dina panto jeung jandela
pikeun jalma nu muka panto hatena
tapi cukup didinya, dina golodog
pikeun manusa goblog nu deuk babadog
palupuh ki sobat,…dina palupuh
bari ngagoler urang reureuhkeun hirup tina karipuh
batan humandeuar mending cicing bari sabar
jeung tidinya tina conggang
urang bisa ngarasakeun panasna hawa beurang
(tiupkeun napas nu mawa samar kahayang)
atawa tiisna angin peuting
(seuseup jatining tingtrim)
Cibeunying, 1 Peb 1965