by Hayat Subagja Hidayat
saban peuting, Odah…
kuring nyelang tanggah ka langit, — langit kahirupan
mun keur caang, hate tumanya ka bentang anu baranang
hayang nyaho lalakon naon deui nu baris kasorang
oge kuring nyoba neangan deui gantungan
pikeun ngaitkeun harepan.
Odah, hate kuring teu weleh tumanya
sabab dunya pinuh ku carita-carita nu teu disangka
diri kuring teu bisa ngencar tina rasa curiga
teu beda lir pamuda desa nu cangcaya
kaaslian mojang kota
memang mun langit keur caang
dada kuring karasa bungangang
kalawan teu asa-asa kuring ngahariring kawih asih
atawa nembang lagu panghudang sumanget perang
tapi Odah,
mun langit mungguh ramijud
dunya bet asa ngariut
karasa jalan hirup leuwih pabaliut manan bola kusut
lebah dieu kuring mimiti ngalengkah kalunta-lunta
nurut-nurut indung suku nu ngaracun napsu
mun seug ieu kecap-kecap sugal, tinangtu mudal
na hate timbul angkeuhan
di dieu kuring meakkeun kadeudeuh kasuka
di dieu kuring nembrakkeun kageuleuh kacua
Kujang Putra – Bandung ’64