by Hayat S. Hidayat
waktu pantona ku kuring disuaikeun
hawa ganda seuseupan datang mapagkeun
(euh, ku asri ieu kamar pasagi)
sajongjonan kuring nangtung
ngumbar hate nu kalarung
eunteupna teuteup munggaran ka lebah ranjang
dibageakeun ku kulambu ramat kahayang
kulambu pias, sepre nu kayas
kasimpean beuki koredas
juru katuhu meja toilet
tempat mapatkeun aji pamelet
beulah kenca ngajega lomari kaca
tempat manehna ngetrukeun sakabeh rasa
baju dibuka, kuring ngagelehe kana ranjang
katengtreman ngarangkulan dada taranjang
hawar-hawar jam salendro
hawar-hawar sora nu halimpu
meulah peuting nu keur lumaku
— geura kulem masing tibra, jungjunan
— gera kulem masing tibra
kasur, simbut, bantal jeung guguling
harita maturan kuring sapeuting.
Kubang Kaler, ’65