Lalampahan ka Roma

oleh
oleh

beuki nyorang hendeuleum sieum
na hate datang kakeueung
ah-naon gunana
keletan bentang nu mawa imut panggupay
pikeun nu teu milu ngariung siduru na hawu ruhay

naha kapan lain aya harewos ti taman endah tur simpe
sapasang manusa nu keur silih pikacinta?
atawa ngan ukur sora angin?
naha memang sorangan kuring cicing di dunya?
teu dipicinta ku sasaha?

kakangen di pangumbaraan nyaeta sagara kahariwang
tegalan sangar; jujukutan gahgar
kasimpean ngarajaan sagalana didinya
nurihan ati saeutik demi saeutik

Cibeunying, awal “65
saduran tina sajak
een voetris naar Rome
karya Bertus Aafjes (1936)

 

Baca Juga  Ribuan Warga Hadiri Open House Gubernur Aher

No More Posts Available.

No more pages to load.