Selasa, November 26, 2024
spot_img
BerandaBale BandungNaha Enya Makuta Hayam Wuruk Kapanggih di Majalaya?

Naha Enya Makuta Hayam Wuruk Kapanggih di Majalaya?

Nu écés, ti wewengkon Majalaya mémang geus kapanggih hiji makuta raja. Sawatara urang dinya nyangka, éta téh makuta Prabu Hayam Wuruk sawaktu ngadatangan (tur maot) di wewengkon Majalaya. Kapanggih gambar galudra anu jadi lambang Majapahit.

Kacarios, di wewengkon Majalaya, Kabupatén Bandung, taun 2009 kapanggih artéfak sejarah, mangrupa makuta. Ari kapanggihna téh di lelewek lembur Leuwidulang, Désa Sukamaju. Di kompléks SMA Pasundan Majalaya.

Henteu digujrudkeun, nepi ka paraguru gé réa anu teu apal. Geus puguh murid-muridna mah. Tapi, ari urang Yayasan Pasundan mah geus réa nu dibéré iber. Malah, sababaraha urang mah maké jeung hayang mecakan, kaasup kapala sakola SMA Pasundan Majalaya tapi, sarua deuih, henteu gujrud.

Ayeuna makuta téh disimpen dina lomari kaca, di ruang Kapala Sakola. Lian ti makuta, aya deuih barang séjénna mangrupa tongkat. Bahanna sarua, campuran pérak, wesi kuning, jeung emas 18 karat.

“Tapi, da sanajan ditawar sabaraha ogé moal dibikeun. Jeung moal sina nyingkah ti dieu,” omong Pa Dédé, salasaurang staf SMA Pasundan Majalaya basa ngobrol jeung Ujung Galuh.

Rada ahéng, saenyana mah. Percaya teu percaya basa narima béja yén di Majalaya kapanggih makuta raja. Cindekna di Kampung Leuwidulang, Désa Sukamaju. Mimitina mah henteu waka hayang maluruh, da angkanan téh asa mustahil. Sualna, ngaran-ngaran makuta raja, meureun kudu aya patalina jeung urut wilayah karajaan. Naha baheulana di Majalaya kungsi ngadeg hiji karajaan, nepi ka danget kiwari ogé tacan enya kapaluruh.

Nurutkeun sawatara katerangan ti sababaraha urang tokoh kolot Majalaya, rarasaan mah tacan aya deuih nu ngaguar sajarah Majalaya dipatalikeun jeung ngaran hiji karajaan.

Tapi, basa ngaguar patilasan Karajaan Saunggalah di Kadatuan Paséh, kungsi meunang katerangan, yén dina mangsa yuganing rajakawasa saméméh abad ka-16, di dinya kungsi ngadeg 2 karajaan leutik, katelahna Karajaan Saunggalah jeung Karajaan Madyalaya.

Ngeunaan Karajaan Saunggalah mémang kungsi ditulis sasakalana. Tapi, ari Karajaan Madyalaya mah nepi ka danget kiwari gé, masih kénéh lebeng, tacan aya katerangan anu jinek, boh sacara lisan boh sacara tékstual. Nya kitu deui, artéfak-artéfak pangrojongna. Ngan aya sotéh batu candi, nu pernahna di Kampung Tanggulun, Désa Tanggulun. Wates Majalaya jeung Kacamatan Ibun ayeuna.

Tapi, ayana batu candi di hiji lelewek, tacan karuhan deuih bisa dipatalikeun jeung ayana pusat pamaréntahan karajaan.

Da ari batu candi mah bisa di mana waé. Contona di Kampung Bojongemas, Kacamatan Solokanjeruk jeung di Kampung Bojongménjé, Désa Cangkuang, Rancaékék. Sanajan enya gé aya kompléks urut candi, euweuh saurang gé anu matalikeun jeung pusat kagiatan karajaan.

Alatan sacara kawilayahan tacan aya bukti ngadegna hiji karajaan di wilayah Majalaya, nya saheulaanan mah panalungtikan makuta bisa dimimitian ku cara ngaguar tina jihat nu séjén.

Kabeneran maluruh makuta téh henteu bisa kebat ka nu manggihanana. Da rada hésé dipanggihan. Ngan cenah ari hayang-hayangan teuing mah kateranganana, bisa waé nepungan sababaraha sumber, di antarana, Dra. Hj. Tetty Héndriyati, B.Sc. salasaurang guru sajarah, jeung Drs, H. Dédi Sutardi, M.M.Pd., Kepala Bidang Sejarah Dan Kepurbakalaan Dinas Pendidikan dan Kebudayaan Kabupatén Bandung mangkukna.

Matakna, harita kénéh gancang nepungan para narasumber anu dituduhkeun téa. Tétéla deuih, boh Hj. Tetty Héndriyati, boh H. Dédi Sutardi, saenyana mah tacan pati enya narima katerangan anu leuwih jero tur lengkep.

Hj. Tetty Héndriyati ngan saukur nyebutkeun yén éta makuta téh asalna ti Majapahit. Naha enya kitu ti Majapahit? Ké heula, kudu puguh alesanana.

Tapi kétah, boa enya bisa jadi kacindekanana kitu, sabab aya sawatara ciri tina totem ukiran atawa tata rupa makuta. Salian ti makuta, aya deuih tongkat komando. Nu hiji huluna winangun ukiran hulu manuk hanura atawa garuda. Hiji deui mah ukiran buleudan kéong. Manuk garuda simbol Karajaan Majapahit minangka filosofi kajayaan nagara.

Ari ukiran buleudan kéong, simbol tina gelung indung anu hartina ajaran yén hirup kudu ngahargaan jeung hormat tilawat ka nu indung atawa kaum istri. Tah, nu ieu mah simbul anu dipaké ku karajaan-karajaan di Tatar Sunda. Dina salasahiji tongkat kapanggih aksara Jawa. Dijieunna tina bahan campuran pérak, wesi kuning jeung emas.

Ari H. Dédi Sutardi ngan semet nyebutkeun ciri-cirina katut raja anu kungsi makéna. Diantara ciri-cirina, éta makuta téh ngabogaan ukuran anu jangkungna kurang leuwih 45 cm, kalawan diaméter antara 25-30 cm. Ari wangunna méh mirip makuta Déwa Krisna dina dunya pawayangan. Béda jeung makuta raja-raja Sunda anu leuwih mirip makuta Batara Guru.

“Ieu makuta téh lain jang pakéeun sapopoé,” ceuk Pa Dédé, anu mimiti ngampihan éta makuta. “Tapi, digunakeunana ukur dina waktu raja rék diwastu (dilantik).

Nu pangahirna maké ieu makuta katelahna Prabu Ulun Umbul, pokna deui. Aya deuih anu nyebutkeun yén ieu makuta téh dipaké ku Raja Sungging Perbangkara.

Dumasar kana katerangan bieu, bisa dihartikeun yén makuta anu kapanggih di Majalaya, éstuning disamarkeun niléy kasajarahanana. Kawas aya carita anu disumputkeun dina jaman karajaan-karajaan baheula.

Lamun nurut kana katerangan Hj. Tetty Héndriyati anu nyebutkeun asalna makuta ti Majapahit, hartina dina mangsa baheula aya hubungan nu raket antara Karajaan Majapahit jeung Karajaan Sunda. Tapi, naha ieu hubungan téh bet kudu nyamuni ngeunaan raja-raja anu makéna éta makuta.

Dina catetan sajarah resmi, mémang henteu kungsi aya nu nyebutkeun Prabu Ulun Umbul. Nya kitu deui Prabu Sungging Perbangkara.

Tokoh Prabu Sungging Perbangkara mémang kungsi disebut-sebut dina carita Sangkuriang atawa sasakala Tangkubanparahu. Kajadian munculna Gunung Tangkubaparahu sorangan aya dina zaman kwartér tua antara 1,5 juta nepi 1 juta kalarung. Ari tradisi tatanan karajaan di Tatar Sunda kakara muncul taun 130 M ku ngadegna Karajaan Salakanagara.

Sedengkeun, ngaran Prabu Ulun Umbul mah, saenyana bisa diudag sacara étimologis atawa tradisi ayana ngaran jujuluk anu sok dipaké di kalangan para raja-raja baheula. Ngaran Prabu Ulun Umbul, nilik kana katerangan bieu mah nya bisa waé ukur ngaran jujuluk, lain ngaran sabenerna.

Disamarkeun
Saha saenyana ari Prabu Ulun Umbul nu asalna ti Majapahit téh?
Mun seug ngungkab deui carita Sasakala Majalaya vérsi lalampahan Prabu Hayam Wuruk sabada Perang Bubat atawa turun tahta tina karatuan, ceuk dina ieu vérsi carita, ngaran Majalaya aya patula-patalina jeung kajadian perlayana Raja Majapahit di wewengkon Hénéng Galuh (wilayah Bandung Kidul sabudeureun huluwotan Citarum, ayeuna).

Dicaritakeun, sabada turun tahta tina karatuan di Majapahit taun 1389 M., Prabu Hayam Wuruk ngahaja ninggalkeun Karajaan Majapahit. Inditna éstuning rerencepan. Teu ieuh loba nu apal kamana Hayam Wuruk léosna. Aya nu nyebutkeun yén Hayam Wuruk ngahaja napak tilas ka tanah luluhurna, ka wilayah urut kakawasaan Prabu Darmasiksa anu harita jadi Karajaan Sunda.

Basa Prabu Hayam Wuruk datang ka tatar Sunda, nu madeg raja, nyaéta Prabu Niskala Wastukancana (1371-1475 M.). Sakumaha pituduh, Prabu Hayam Wuruk henteu langsung muru ka Kawali, pusat pamaréntahan Wastukancana. Tapi nepungan salasaurang panguasa wewengkon kawesian anu katelahna Rahyang Campaka. Nya dumasar kana pituduh Rahyang Campaka, Hayam Wuruk diperenahkeun di wilayah Hénéng Galuh anu masih kénéh leuweung gerotan.

Di leuweung Hénéng Galuh, Hayam Wuruk mimiti muka padukuhan anyar. Beuki lila beuki lila, éta padukuhan téh beuki haneuteun. Antukna mah jadi daérah binayapanti, tempat latihan kaprajuritan. Hasil didikanana, loba anu kapaké jaradi baladhika, puragabaya atawa jagabaya di Karajaan Sunda katut karajaan-karajaan bawahanana.

Geus diniatan ti saméméhna, yén datangna Hayam Wuruk ka tatar Sunda téh éstuning boga tujuan ngaresibakti ka tanah luluhurna. Bari sakalian nebus dosa tina timbulna kajadian Perang Bubat dina jaman pamaréntahanana.

Kajadian Perang Bubat anu ngabalukarkeun gugurna Prabu Linggabuana katut Putri Dyah Pitaloka geus ngadatangkeun kagegeringan anu pohara dina sanubari Hayam Wuruk.

Hayam Wuruk ngarasa geus ngarempak amanat luluhurna, Prabu Darmasiksa anu ditepikeun ka Radén Wijaya atawa Prabu Kertarajasa Jayawardana (1293-1299). Tatanan amateguh kadatwan, dina mangsa Hayam Wuruk diganti ku tatanan amukti pa liu pa jieunan patihna, Sang Ma Hong Foe alias Mahapatih Gajah Mada, anu ngabalukarkeun hubungan Sunda jeung Majapahit bengkah.

Kadatangan Hayam Wuruk ka tatar Sunda, dibagéakeun ku Rahyang Campaka. Malah, ti Rahyang Campaka, Hayam Wuruk saenyana meunang iber yén Putri Dyah Pitaloka henteu ngalaman gugur di Bubat, sabab kaburu aya nu nyalametkeun.

Dina kaayaan keur kapiuhan Dyah Pitaloka dibawa deui ka Tatar Sunda, tur diperenahkeun di hiji tempat bari ngasuh nu jadi adi, Rakéan Pitara anu masih kénéh leutik. Sanggeus Rakéan Pitara sawawa, tuluy diwastu jadi Raja Sunda kalawan gelar Prabu Niskala Wastukancana.

Ti harita, Dyah Pitaloka milih hirup jadi ahli tatapa bari sakali-kali mantuan nu jadi adi sangkan bisa nanjeurkeun Karajaan Sunda.

Satadina mah Hayam Wuruk teu nyangka yén Dyah Pitaloka masih kénéh aya dikeuna. Da disangkana mah geus gugur di Bubat. Matakna Hayam Wuruk kungsi ngadegkeun sanggah jang sembahbakti ka Dyah Pitaloka.

Tapi, sanggeus dibawa kalawan rerencepan tempat tapana, Hayam Wuruk mimiti percaya. Jeung deuih, harita mah Hayam Wuruk teu daék ganggu. Sabab katingalina Dyah Pitaloka jongjon pisan kawas nu henteu bisa diganggu.

Ngan basa Dyah Pitaloka dibawa ku Rahyang Campaka ka sanggah tempat Hayam Wuruk ngayakeun sembahbakti ka Dyah Pitaloka jeung ka tatar Sunda, kasampak Hayam Wuruk geus palastra, dirempug puluhan karaman anu boga maksud hayang ngarebut harta kakayaan Hayam Wuruk.

Para karaman apaleun yén Hayam Wuruk nu malih warni jadi Ki Anom téh horéng mah Raja Majapahit. Tangtu waé Hayam Wuruk henteu mikeun kitu waé. Ongkoh deuih harta kakayaan bawana ti Majapahit geus disumputkeun di hiji tempat anu saurang gé taya nu apal. Di antara harta kakayaan anu dibawana téh, nya salasahijina mangrupa makuta karajaan.

Mun nurut kana carita di luhur, istilah Majalaya boa enya asalna tina kalimah Raja Majapahit Perlaya. Ari makutana anu salila ieu disumputkeun henteu kapanggih ku karaman bet kabeneran kapanggih di lelewek Leuwidulang, Désa Sukamaju, Kacamatan Majalaya.

Tapi, naha bet ngaranna Makuta Ulun Umbul?
Kecap ulun, ngabogaan harti babakti. Ari kecap umbul, bisa dihartikeun rupa-rupa. Harti nu kahiji, robah jadi kecap umbul-umbul, hartina kaén warna-warni anu dipasang dina awi gantar, biasana rada melengkung ka congona. Sok dipaké keur hiasan di sisi-sisi jalan mun mapag tamu agung.

Harti kadua, sok robah jadi kecap umbur, hartina gancang pisan badagna. Harti katilu, hartina Cikahuripan. Harti kaopat, robah jadi kecap mumbul, atawa ngumbul harti ngapung atawa keur aya di luhur bari kokoléaban. Harti kalima, pamingpin daérah.

Dipatalikeun deui kana carita tadi, boa enya anu dimaksud Prabu Ulun Umbul téh taya lian ti jujulukna Prabu Hayam Wuruk salila ngaping di wewengkon Hénéng Galuh. Anu jadi alesanana: Miangna Hayam Wuruk ti Majapahit ka Tatar Sunda boga niat hayang babakti (ulun) atawa ngaresi bakti pikeun nebus dosa ka Raja Sunda katut ka Putri Dyah Pitaloka.

Sanajan datangna ka Tatar Sunda bari rerencepan, tapi ngaran-ngaran ka Raja Agung teu burung wé dihiap tur dibagéakeun ku panguasa anu kadatangan nyéta Rahyang Campaka (dipapag ku umbul-umbul).

Basa Hayam Wuruk diperenahkeun di wilayah Hénéng Galuh, (deukeut ka umbul atawa Sumber Cikahuripan) nu asalna leuweung-luwang-liwung, dina waktu anu teu lila (umbur) geus bisa robah jadi padukuhan anu kacida haneuteun.

Saenyana Karajaan Majapahit nu ditinggalkeun ku Hayam Wuruk téh kaasup karajaan anu keur meujeuhna mumbul (aya di luhur, disebutna gé karajaan agung).

Salila aya di tatar Sunda, da tadina gé puguh raja, nya Hayam Wuruk dijadikeun pamingpin (umbul) padukuhan.

Dumasar kana alesan-alesan tadi, Prabu Ulun Umbul mémang larap pisan jeung kaayaan Hayam Wuruk waktu aya di Tatar Sunda. Enya henteuna, nyanggakeun.***

Aan Merdeka Permana, dimuat dina Majalah Sasakala Ujung Galuh No.16, Mei 2013.

Menguak Jejak Hayam Wuruk di Majalaya

spot_img
BERITA LAINYA

TINGGALKAN KOMENTAR

Silakan masukkan komentar anda!
Silakan masukkan nama Anda di sini

spot_img

TERKINI

spot_img