BALEBANDUNG – Nyalonkeun diri jadi anggota DPR tèh kudu didasaran ku niat ibadah jeung iklas. Naon sababna? Mun teu iklas , di mana teu tinekanan tèh paur gering pikir.
Aya kabèjakeun karpèt nu disumbangkeun ka masjid ku calèg dipènta deui, sabab teu kapilih jadi anggota DPRD. Saleuheung kitu, ukur dijebèngan ku masarakat. Èta mun geus hulang-huleng sorangan, makè dasi tapi teu dicalana, owah ngarana.
Mun teu iklas, teu kabayang. KPU Kabupaten Bandung muka pendaftaran bacaleg ti tanggal 4 nepi ka tanggal 17 Juli 2018. Tina 16 partèy pulitik ngan ukur 1 parpol nu teu ngadaftarkeun bacalegna.
Periode 2014-2018 jumlah korsi DPRD Kab. Bandung tèh 50 urang. Periode ayeuna 2019-2024 aya panambahan 5 korsi jadi 55 korsi. Hasil verifikasi bacaleg DPRD Kab. Bandung pikeun Pemilu 2019 bacaleg nu daftar sajumlah 703 kalawan 435 lalaki jeung ,268 awèwè. Nu lulus administrasi sajumlah 695 kalawan 429 lalaki jeung 466 awèwè.
Tah, mun teu iklas nyalonkeun diri, paur tina 695 tèh pan ukur kapilih jadi 55 urang pikeun nempatan korsi di DPRD Kabupaten Bandung. Hartina mun teu iklas aya 630 urang anu gering pikir.* Ku Sopandi