BALEBANDUNG – Aya sababaraha jenis sato nu sok kameplase atawa api-api paèh pikeun nyalametkeun diri tina sato sèjèn anu rèk ngamangsana. Ku api-api paèh sato bisa leupas tina dimangsa atawa dirogahala, hartina sato nu rèk ngarogahala teu tulus. atawa sahanteuna jadi teu buringas nalika nu rek dimangsana katiten teu walakaya.
Ku eta kajadian bisa jadi bahan renungan keur urang, meureun sato ogè aya “hatèan” lamun nyeueung nu deuk dirogahalana geus teu walakaya, jadi teu buringas teuing.
Tapi naha ari manusa dina kajadian tiwasna Haringga, bobotoh Persija Minggu (23/9/18). Mun nengetan videona anu sumebar di dumay, teu katiten aya rasa saperti sato nu teu buringas nalika mangsana geus teu walakaya.
Padahal pan sato tèh mahluk nu teu boga pikiran, mahluk nu diciptakeun ku Alloh pikeun nyumponan kabutuh manusa. Ana kitu leuwih ti sato atuh anu buringas nalika nu dianggap musuhna geus teu walakaya, tapi hantem dileyek, dijejek. Geus teu aya geter na hatèna najan getih ngocor.
Gusti! Aya naon dina hatè èta mangkeluk nu geus kaniaya? Melaan naon? Asa keueung nenjo mangkeluk buringas kitu. Lain keueung sieun wewesenna, da kuring yakin mangkeluk saperti kitu mangkeluk kecing euweuh kawani. Wani soteh loba balad, mun sorangan mah ku orok ogè sieun.
Rujit, ijid, ambek, jeung sabangsana. Mun kongang aya di hareupeun hayang nyiduhan jeung ngaleyek. Tapi lain kitu ketang. Tetep dina sisi kamanusaanana kudu ditulungan, disadarkeun sangkan iblis na hatèna ka luar, sahingga mangkeluk èta jadi jalma nu teu buringas, jadi jalma nu aya gunana.***Ku Sopandi