
Mun seug tea mah sakabeh jalma nu kumalendang di alam dunya ditanya, naha anjeun hayang hirup miskin atawa hayang beunghar? Tangtu jawaban anu baris kakuping, kuring hayang hirup beunghar. Mun seug sakabeh jalma ditanya, naha anjeung hayang bodo atawa pinter? Tangtu jawaban nu baris kakuping, kami hayang jadi jalma pinter. Pon kitu deui mun seug sakabeh jalma ditanya, naha maraneh hayang kasep atawa hayang goreng patut? Tangtu jawaban anu baris kakuping, kami hayang kasep.
Upami kitu, bisa disimpulkeun, yen sakabeh jalma nu kumalendang di alam dunya hayng beunghar, ointer, kasep, turta sehat. Moal aya saurang oge jalma nu lahir ka alam dunya miboga cita-cita hayang jadi jalma miskin, bodo, goreng patut, pon kitu deui geringan. Nya rek teu kitu kumaha, pan sakabehna kacida hayang ngarasakeun kanimatan-kanimatan dunya nu ceuk pikir manusa mah moal bisa dirasakeun ku rahayat miskin, bodo, goreng patut, pon kitu deui jalma geringan. Hanjakalna sok sanajan sakabehna hayang beunghar, pinter, kasep, kanyataan teu sakabaeh jalma bisa jadi jalma beunghar, kasep,, turta pinter. Malah sabalikna, nu miskin leuwih loba, nu bodo pabalatak, nu goreng patut teu saeutik.
Beunghar, pinter, kasep, pon kitu deui sehat mangrupakeun perkara nu dipikaresep turta dipikahayang ku sakumna umat manus. Atuh teu aneh mun sueg tea mah saurang jalma ditakdirkeun bunghar, kasep, turta sehat, maranaehna sok nyebut dirina meunang barokah. Sabalikna, dina mangsa harepan henteu luyu jeung kanyataan manusa sok nganggap dirina meunang musibah.
Mun tea mah kanyataan di luhur ditarik kana wilayah agama, gening kaunggel dina kitab suci yen hirup huripna manusa di alam dunya kwwengku ku takdir nu tos ditetepkeun ku Mantena. Sok sanaos kitu, ari namina takdir teh sifatna ghaib, taya saurang oge anu apal. Apal soteh mun seug eta takdir geus kajadian. Kusabab kitu, kaimanan kana takdir lain harti umat Islam kudu cicing cineluk di juru masjid ngadago-dago guratan takdir nu acan katohian. Kaimanan kana takdir nuntut umat Islam sangkan terus usaha satekah polah sok sanajan hasil ahirna tetep dipasrahkeun kanu Maha Kawasa alias tawakal tea.
Malah dina surat al-Hadid mah dijentrekeun yen tugas manusa di alam dunya teh lain kudu mikiran takdir, komo nepi ka nyeungceurikan takdir. Tugas manusa nu sajatina dina sajeroning ngambah sagara kahirupan teh nyatana nyikepan takdir luyu jeung parendah kitab suci. by Ahmad Najib Qodratullah, SE, Anggota DPR RI.