Para Ratu Anu Sumare di Distrik Majalaya

oleh
oleh
Barang-barang pusaka Majalaya

Awit ti nalika Ratu Buda jumenengan Ratu Manabaja dumugi kana 10 pajenengan anu masih kawengku ku agama Buda.

Dupi rupina hiji-hiji wasta :
1. Hiji arca sapertos jelema linggih dina korsi Bodhisatwa
2. Hiji Sangiang Keleng Naga Wajra 4 ponten, tumbak wajra 3 ponten, sapertos genta
3. Tilu pedang
4. Dua tumbak, hiji trisula
5. Dua Badi, hiji suduk
6. Hiji keris, dua kacip, tilu kanoncles
7. Hiji peso hiji beleces, hiji encis,
8. Hiji buku dina daun lontar tahun 1902, lima Wadana Cikembang

Ieu aya di lembur Rumbia di jero papanggungan Desa Selakaso, Sub Distrik Pacet. Ti jaman baheula dumugi ka ayeuna disimpenan dina hiji saung sapertos papanggungan ti rumbia.

Demi jenenganana pararatu anu 10 turunan tea ieu kasebat di handap. Ieu kitab sajarah turunan karuhun Manabaja anu tedak tumedak tina Kitab Waruga Jagat among henteu kasebat ijrahna wantu alam Buda.

1. Ratu Maharaja Inten jadi raja di Manabaja kagentos ku
2. Sangiang Wiruna, nyurupna Batara Wisnu, jadi raja di Manabaja, kagentos ku
3. Ratu Rawana jadi raja di Manabaja
4. Prabu Manabaja, Raja Manabaja, kagentos ku
5. Prabu Bujangga Lawa, Raja Manabaja, kagentos ku
6. Prabu Puspa Lawa, Raja Manabaja, kagentos ku
7. Prabu Hariang Jambul Putih, Raja Manabaja, kagentos ku
8. Prabu Wartu Agung, Raja Manabaja
9. Prabu Baja Agung, Raja Manabaja, kagentos ku
10. Prabu Panglimanan, Raja Manabaja

Eta barang-barang pusaka turun tumurun tina 10 Raja Manabaja nu aya di Rumbia. Tina wangkid eta aya deui barang-barang pusaka nu kawengku parantos agama Islam. Ayana di Lembur Talun Atirompe, Distrik Majalaya keneh.

Rupina hiji-hiji wasta;
1. Hiji pedang tamsir perah perak
2. Hiji kujang pangarak
3. Hiji keris
4. Hiji suduk seukeut kiwa tengen
5. Lima tombak
6. Hiji tambang kuda
7. Hiji epek (tali datu)
8. Hiji kelebet bodas
9. Hiji bubuweuk langgukan
10. Hiji kampul encit tarotol
11. Opat rambut mastaka sareng kulitna
12. Hiji keketu
13. Hiji umbul-umbul bandera
14. Hiji raksukan buludru
15. Hiji sujadah lampit
16. Hiji bantal
17. Hiji hihid
18. Dua buwas kesong

Baca Juga  Polsek Majalaya Hadang Geng Motor Bawa Sajam

Ieu barang-barang pusaka, saha anu jadi umbul (wadana) atawa camat (asisten wadana) di Majalaya (Manabaja) nyaeta nu kedah ditampi tatapi upami turunan nana.

Demi saparantos karajaan Prabu Panglimanan kasawelasna kagentos duwaan
1. Kapernah kaponakanana jenengan Prabu Pananyaan
2. Putrana teges jenengan Prabu Sandaaan Panglimanan

Ari kinten-kinten dina tengah tuwuh panjenenganana, sumping utusan ti Mekah, jenengan Prabu Kian Santang, Sang Lumajang Pangeran Gagak Lumayung ditimbalan ku Baginda Ali Murtada Raja Mekah ngaislamkeun urang Priangan.

Dupi Prabu Pananyaan didawuhan ku Prabu Kian Santang asal kersa lebet agama islam dipangnyuhunkeun ka Gusti Yang Maha Suci, hanteu k Mekah Madinah, tapi dipaparain harkat darajat haji sarta kapinteran punjul ti nu sejen.

Pek Prabu Pananyaan Islam, lami-lami dipiwarang ngalurug ka Cirebon, nalukeun nu tacan Islam. Nanging anjeuna hanteu lami lolos ka Nagri Manabaja, mulih deui sarta cacarios ka putra kaponakan nana, naha ari Islam-islam seja kadaharan nu henteu didahar, pamajikan hanteu meunang leuwih ti opat, sarta kudu solat lima waktu? Kami rek balik  deui ka alam Buda, reng ngaratu di puncak Gunung Malahaji (Desa Cibatur), nyieun benteng rencangna among hiji, saderekna wasta Aki Dago Lancang.

Lami-lami kauninga ku wong agung Cirebon lajeng miwarangan demang, ngabeuli Batarakarang ngabantun wadia bala sareng pakarang perang ngalurug ka Gunung Malahaji, among hanteu kenging ngabantun urang Priangan.

Dupi dongkap ka Gunung Malahaji henteu tiasa unggah ka luhur. Karanten jujukutan dangdauanan dina eta gunung jadi gagaman perang. Lajeng mulih deui unjukan ka wong agung Cirebon. Kacarios Prabu Sandaan puputra.

Lajeng mulih deui unjukan ka wong agung Cirebon. Kacarios Prabu Sandaan puputra.
1. Santowaan Wargayuda
2. Santowaan Wargapati
3. Santowaan Jero Kaso
4. Dalem Babakan Cimaranggi
5. Dalem Supena
6. Dalem Citajeum
7. Aki Pasir Panjang

Putra istri dua kasebat jenenganna
Demi Prabu Sandaan Panglimanan pupus, dikubur di Cijambe Manabaja sareng ramana Prabu Panglimanan Prabu Sandaan parantos Islam.

Ari Prabu Sandaan dikubur di Kampung Cirangin, Desa Cibatur, suku gunung Malahaji. Digentos ku putrana no 1 Santowaan Wargayuda ditimbalan ngadeuheus ka Sumedang Geusan Ulun sarta nyandak hiji putra pameget masih alit keneh.
1. Sukwan
2. Saderek istri

Baca Juga  Sasakala Gunung Selasih Majalaya

Tinja Santowaan Wargayuda dijenengkeun Aria Mangunyasa sarta terus terang kalayan wong agung Mataram. Dupi nu jadi ponggawa raina Santowaan Wargapati Santowaan Jero Kaso.

Dalem Babakan Cimarangi Dalem Supena sami kapaparin kaprabon nganggo lampit kubik kalayan babasah tali datu, rarahab kuda, tumbak tetempek duwa sewing.

Dupi saderekna nu istri dua dianggo garwa ku putra Dalem Rangga Gede Sumedang nu jenengan Kiai Mas Padik anu hiji deui dianggo garwa ku Kanjeng Dalem Haji Muhammad Saleh nu sumare di Cijambe Majalaya.

Tinja Ariya Mangunyasa nyuhunkeun widi ngalih ka kampung Panglimanan Manabaja wondening bade anderek satimbalan ulun hiji pun anak, dua kaponakan. Saparantos ngalih Ariya Mangunyusa ka Manabaja eta putrana sareng kaponakanana dijenengkeun duanana.
1. Putrana dipaparin gelaran Ngabehi Cucuk
2. Kaponakanana Ngabehi Tanda
Ari pasareanna
Ari Mangunyasa di Kotok Beor Cicalengka, Ngabehi Tanda di Cipangar Sumedang

Demi Ngabeuhi Cucuk puputra Kiai Mas Najawigata, ari ramana Ngabeuhi Cucuk ditigas (diketok) di Kota Mataram, kalepatanana margi anut ka Dalem Dipati Ukur Bandung. Dupi Mas Najawigata putrana dianggo ganek wong agung Mataram.

Lami-lami dipaparinkeun ka Dalem Tumenggung Tabubaya Parakanmuncang. Sarta dipaparin jenengan Raden Ngabeuhi Saganagara sarawuh parabot kaumbulan Manabaja anu sumare di Kampung Cipaku Manabaja.

Kagentos ku putra Ngabeuhi Cucuk deui anu sumare di Cimiri-miri Desa Cipedes Cicalengka. Kagentos ku putra Raden Sacanagara sumare di Cimiri-miri Desa Cipedes Cicalengka.

Putrana Raden Sacanagara tapi hanteu ngagentos rama nu sumare di Bujil. Puputra Raden Lidra jadi Kapala Cutak (Wadana) Majalaya hanteu ngagentos kapangkatan Kang.

Ari nu ngagentos rakana jenengan Dalem Ngabeuhi Cucuk Ageung anu kamashur jadi Papatih panewon Nagara Parakanmuncang, sarta anu nampi ti kompeni rupa cap surat anu sumare di Cimiri-miri Desa Cipedes Cicalengka.

Kagentos ku raina Dalem Ngabeuhi Cucuk deui jeneng Papatih Parakanmuncang nu semare di Ciamberang Parakanmuncang.
Kagentos ku putu Dalem Ngabeuhi Cucuk Anggadibya jumeneng Dipati Parakanmuncang nu sumare di Mangga Dua Batawi.
Kagentos ku raka Dalem Ngabeuhi Cucuk di Parakanmuncang
Kagentos ku putra Dalem Ngabeuhi Cuguk deui di Parakanmuncang.
Kagentos ku mantu Dalem Ngabeuhi Purangga di Parakanmuncang.
Kagentos ku mantu na Dalem Ngabeuhi Puranagra di Parakanmuncang.
Kagentos ku mantunda Dalem Ngabeuhi Cucuk Purpareja Parakanmuncang nu semare di Batawi.
Kagentos ku Dalem Ngabeuhi Cucuk Suriya nu asal ti Cianjur.
Kagentos ku Raden Rangga Sacanagara nu jadi cutak di Majalaya.
Kagentos ku Mas Merta asal Parakanmuncang jadi cutak di Majalaya
Kagentos ku Raden Rangga Sacanagara asal Parakanmuncang jadi cutak di Majalaya.
Kagentos ku Raden Rangga Sacanagara asal Parakanmuncang jadi cutak di Majalaya.

Baca Juga  Rupa Carita di Balebandung; Nyai Saritem

Kagentos ku Raden Rangga Anggadireja asal Parakan Muncang putra Dalem Suria Natakusumah, Bupati Parakanmuncang anu dialihkeun ka Karukut Batawi lantaran aya lepatna sareng Kanjeng Dalem Sumedang baheula.

Kagentos ku putrana Raden Rangga Natadigja jadi wadana di Majalaya
Kagentos ku Mas Kertayuda asal Cipatik Rangga Bandung jadi wadana di Majalaya.
Kagentos ku Raden Kanduruwan Patiana Kusumah asal Sukapura jadi wadana di Majalaya.
Kagentos ku Mas Haryowijoyo asal Pakalingan jadi wadana di Majalaya.
Kagentos ku Raden Gandakusumah wadana di Majalaya.

Kagentos ku Raden Prawirakusumah asal Tarogong Asisten Wadana Majalaya sabab di tanggal 1 Januari 1902 dijadikeun onderdistrik. Sareng sapalih dijadikeun onderdistrik Talsan Asisten Wadana Mas Kartadinata asal Majalaya pisan turun tumurunan.

Demi distrikna ka bawa ka Cipeujeuh, Wadana Raden Padmakusumah asal Ciparay. Ieu ti wangkid Santowaan Wargayuda turun tumurun dumugi ka anjeuna parantos ngagem agama Islam.

Nyeta pusakana anu disimpen di Lembut Atirompe Talun Majalaya malah nalika Wadana Raden Rangga Anggadiredja, eta prabot disimpen dina papanggungan di pengkereun kawadanaan Majalaya ti wangkid eta lajeng disimpen deui di Kuncen Atirompe dumugi ka anjeuna ku Kiai Nurhasan dianggo pusaka desa demi anu di Rumbia disimpen ku kuncen wasta Bapa Israh Tusen Teusewen Karuhuna.
Tamat

Talun 10 April 1902
Kaserat ku abdi dalem pun
Asisten Wadana Talun
Kartawinata

Sumber : NASKAH PLT: 122; PETI: 121
Koleksi Perpustakaan Nasional RI

No More Posts Available.

No more pages to load.