— PEUTING —

oleh
oleh

by Hayat S Hidayat

kamar ieu tangtu ngabigeu
lantaran ditempelan gambar teu dipiguraan
angin peuting baris cicing
sabab hayang ngareungeu carita kuring

lantaran ditempelan gambar-gambar teu dipiguraan
kamar ieu jadi sayang panungtungan
dina tembok kalangkang taranjang
kuring duaan nyeuseup kahayang
(amis biwir, amis sirop, dirames ramo lalencop)

samemeh manehna balaka nanya
ku kuring geus dijawab: – enya!
kuring lalaki, ayeuna kuring lalaki

kuring duaan lalayaran
diayun ambing ku ombak peuting
jeung sagara impian nu umpal-umpalan
beungeutna hejo carulang
panonna cahaya bentang
nangtang sakur nu deuk kasorang

saterusna hawa kamar jadi hapeuk
cahya lampu geuneuk rumeuk
samar-samar ngagulantung beungeut hejo carulang
pias ku cimata ramasbas

palabuhan geus katepi
nyampakkeun angin karisi

Kubang Kaler ’65

Baca Juga  Gagal Berangkatkan Jamaah, Aset SBL Disita Polda Jabar

No More Posts Available.

No more pages to load.