by Hayat S Hidayat
(Sugan kabaca ku DEDDY WINDIAGIRI)
Peuting ieu, Odah…
urang jalan-jalan lain deuk sukan-sukan
Teundeun heula pikiran
nu kagembang kaendahan
Bawa lambaran-lambaran cinta
jeung kulak canggeum rasa tineung
Urang bagikeun ka jalma-jalma
nu keur ngahontalan hirupna
ku kesang reujeung tanaga
Mimiti, urang icip tingtrimna basisir peuting
Tingali palika jeung parahuna
cumelak lanterana
Teuneung na langit ceudeum
Pasrah na laut motah
Balajar na lautan kahirupan
Di sagara maranehna nunda cinta
(langit, laut jeung anginna)
Di basisir na kikisik nitip asih
(anak, pamajikan jeung panutan)
Keur maranehna urang bikeun
sacanggeum rasa katineung
Hayu laju mapay lolongkrang
Gera tingali tuh patani nu leumpang mapay galengan
ngider kotakan kahirupan
Teu malire peuting simpe peuting rame
ceuceub deudeuh kana taneuh
Luas iklas pamajikan katirisan
Sabab bulan jeung bentangna gantungan harepan
geus aya dina wahangan
Keur pare kembangan hate
Keur cai tandonna pati
Keur manehna geus sakuduna urang mikeun
sacanggem rasa katineung…
Odah, tong kapalang urang nya leumpang
Hayu papay balai jalan jeung sungsuam kota
Geura bungkus dampal suku ku sapatu
sabab di kota, taya taneuh nu mideudeuh
taya keusik nu miasih
Endah, nya endah kacida
ieu teh hasilna ucap merdeka
(merdeka keur nu kaya, merdeka keur nu teu boga)
Di dieu nya puseurna kahirupan
tempat manusa nu ting jorowok mementa kaadilan
oge di dieu manusa bisa nyieun sawarga atawa naraka
Ah, Odah…cukup jauh urang lumaku
Hayu mulang,–isukan beurang tinangtu datang
Kalebet hate kelat na mega
Ieu tanda yen usaha teh mulia.
—Cibeunying, Maret ’65 —
Baca oge : KAHIRUPAN