by Hayat S Hidayat
saban kuring datang
manehna mapag ku imut jeung teuteupan
imut jeung paneuteup nu baheula
tanda asihna nu satia
tilu taun ti saprak kuring patepung
tilu taun cinta gumulung
seubeuh ku rangkulan wareg ku ciuman
kari hiji deui nu ku kuring teu weleh dipicangcam
kamar pasagi jeung ranjang nu bakal ngarangkul kuring duaan
dina jariji meulit simpay katresna
meulitkeun jangji tina ucap saihlasna
— Lia jungjunan, terapkeun katineung na dada anjeun
— ulah didagoan tepi ka carita nu panungtungan
— sabab setan salawasna marengan kamana urang ngaringkang
dina mangsa keur nyorangan
dijagragan kasimpean
langit-langit jeung dipan mawa ka alam panineungan
(oge meureun manehna, dina ranjang jeung kulambuna)
hate nu hamham salawasna tumanya, sieun cintana geus musna
lebah dieu kakangen ngarajaan sagalana
Cibeunying, 16-2-’65